Intermezo: Mang Kabayan keur ulin jeung alona di tukangeun imah.
"Maang.... ieu aya cacing kaluar tina liang!"
"Karunya, asupkeun deui. Tapi bisa teu ngasupkeunna deui kana liangna?
Biasana sok hese.
Mun Ujang bisa ngasupkeun deui, ku Mamang diburuhan!"
Gampil, Mang!
Eta budak ka jero imah sakeudeung.
Katingal manehna mawa spray rambut. Tuluy eta cacing disemprot, nepi ka
jegjreg...teuas tur lempeng.
Jadi we eta budak bisa ngasupkeun deui cacing ka liangna kalayan gampang.
"Bener, bisaan alo mamang mah!" ceuk si Mang Kabayan, "yeuh
buruhna...5000,-. Cik Mamang nginjeum eta spray!"
Isukna, isuk-isuk si Mang Kabayan katingal geus adus. Eta alona dibere deui
duit 10.000.
"Naha Mang masihan deui artos?
Panan abdi teu ngalempengkeun deui cacing?"
"Ssst... tong geruh. Eta mah ti bibi maneh!" ceuk si Mang Kabayan,
beungeutna bangun nu sumringah.